Close

Panganteur Panitia

Ekranisasi, Dina Jorélat Wanci
Sastra Sunda.
Ékranisasi (écran, basa Perancis, hartina : layar) maké ahiran ‘sasi’, hiji prosés mindarupana karya sastra tulisan kana wangunan anyar mangrupa pintonan dina layar pérak (bioskop) atawa layar kaca, boh sinétron atawa pilem séri. Sastra basa Sunda, kawilang heubeul ngabogaan tapak dina widang ieu. Dimimitian ku Loetoeng Kasaroeng, taun 1926 beunangna Sutradara Walanda, L. Hoeveldorp. Dumasar kana Carita Pantun anu tatalépa dina sastra lisan urang Sunda. Produsérna Java Film Company nu kantorna di Bandung. Ampir-ampiran bangkrut alatan nyieun pilem ieu. Diréktur Java Film Company minangsaraya ka pihak-pihak nu gedé katineung dina dunya pilem di Nagri Hindia Walanda sangkan méré kiridit pikeun ngabiayaan proyék ieu. Dina taun 1927, Sutradara George Kruger, paranakan Jérman-Walanda meunang kapercayaan nyieun deui pilem nu museur kana kahirupan urang Sunda harita. Judulna Eulis Atjih, naskah aslina yasana Joehana. Malah konsép marketingna, ditekenkeun sangkan leuwih mribumi (nyunda). Diantarana maké aktor jeung aktris urang Sunda. Maksudna taya lian sangkan leuwih mangaruhan balaréa pikeun lalajo ieu pilem. Harita nu kapilih téh Arsad jeung Sukria. Pilem ieu kawilang suksés. Nepi ka diputer di Batavia, Surabaya jeung Semarang. ”Pewarta Soerabaja”, kungsi nulis dina laporanana, yén aktor jeung aktris pribumi nu maraén harita, geus bisa mapakan aktor jeung aktris ti mancanagara. Malah kungsi diputer di Singapura, najan teu suksés kawas di Hindia Walanda.
Teu ukur nepi ka dinya, dituluykeun ku pilem Karnadi Anémer Bangkong. Sutradarana angger, George Kruger, taun 1931. Carita diadaptasi jadi judul Amat Tangkap Kodok. Kasebut suksés deui waé. Réa pisan nu asalna tina novel, dongéng jeung legenda di Tanah Sunda diékranisasi jadi pilem layar pérak. Kaasup Sangkuriang jeung Ciung Wanara, nu diproduksi ku Star Film. Kabéhdieunakeun najan teu loba jiga ékranisasi tina novel basa Indonésia, kungsi midang: Kabayan Saba Kota, Sangkuriang, Lutung Kasarung dina rupaning vérsi. Boh dina pilem atawa sinetron. Hartina lain barang anyar ékranisasi téh pikeun kasusastraan jeung perpileman urang sunda mah. Carita pondok atawa Carpon Sripanggung Dogér Karawang karya Iskandarwassid  pernah ogé dipilemkeun ku Teguh Karya, kaasup carita nyambung nu dimuat dina Majalah Sunda Manglé Sanggeus Halimun Peuray karya Aam Amilia, dipilemkeun, judulna jadi Halimun disutradaraan ku Sofia WD. Pilem Halimun ieu kaasup pilem anu dibiayaan ku Dewan Film Nasional taun 1981 – 1982.
Tah, ayeuna kumaha ari ékranisasi fiksimini basa sunda? Anu singget tur kawilang jangre anyar dina Sastra Sunda? Mun bisa disebut anyar téh, nyaeta ngaleuyana pilem-pilem pondok anu dijarieun ku barudak ngora, maké biaya nu saeutik bari digawékeunana daria. Dina harti sagala aspék sinematograpina nyubadanan mun disebut pilem. Keur meujeuhna réa pisan komunitas anu mitembeyan nyieun pilem pondok, maké gagasan-gagasan anu aweuhanna leuwih lega, tapi dina wangun anu singget tur pepel. Tingpucunghul sirung-sirung insan pilem ti kota-kota saperti Tasikmalaya jeung Majalengka. Dua daérah anu ngabogaan komunitas pilem indie anu anggahotana kawilang loba. Di Tasik waé, teu kurang ti 23 kleub anu ngagabung kana komunitas pilem pondok. Majalengka nya kitu kénéh. Malah kalintang nyugemakeun, wiréhna di Majalengka kagiatan nyarieun pilem pondok leuwih daria manan di kota séjén. Kitu ceuk katerangan, Kang Eddy D Iskandar, salaku Pupuhu Forum Film Bandung.
Dibaladah dina Workshop “Fikmin Ngajadi Pintonan” nu digelar ping 22 Juli 2017, di Auditorium Museum Sri Baduga Bandung, Kang Nunu Nazarudin Azhar, sabagé panyatur kungsi ngaguar Ékranisasi Fiksimini Basa Sunda. Malah inyana nyontokeun fikmin “Mulang” anu geus réngsé diekranisasi bari diapungkeun dina YouTube. Mun seug disawang ku harepan anu optimistis, sigana ieu mangrupa léngkah nyata sangkan kasusastraan sunda bisa ngamimitian ékranisasi anu leuwih daria pikeun ngahudangkeun sumanget. Sugan jeung sugan jiwa “pioneer” mangsa nu geus kalarung, nguniang deui kalawan leuwih mencrang tepi ka jauhna. Festival Film FBS diharepkeun bisa nyubadanan udagan anu dipedar di luhur. Cag!